gambar

Saturday 9 May 2020

Sajak Sunda Judulna Tatar Sunda

- Ilmu Life -

Tatar Sunda
Karya Etti R.S.

Tatar Sunda palataran Nusantara
Pangancikan pirang-pirang seler bangsa
Tatar Sunda palataran Indonesia
Saamparan sarantayan nusa-nusa
Sunda Besar Sunda kecil, ka wetan Nusa Tenggara
Kawincik na elmu bumi, sinerat na tatar jagat
Moal kapupus ku usum, moal kasamar ku jaman
Ukur kahalang hariwang, nu inggis kalindih ringkang

Sunda Besar Sunda Kecil, istilah kalindih jaman
Ngampar dina tatar akbar, dina tatar panineungan
Nusa Sunda nusa lana, nu lana dina sajarah
Wasta lir teu kawisatara, wastana dalit jeung wayah

Tatar Sunda na sajarah ngalalakon
Ganti ngaran kiwari ngan sawewengkon
Najan heureut sumangetna hamo kawon
Urang Sunda hayu tandang ulah jongjon

Dicutat tina : Majalah Cupumanik

4 comments:

  1. Amaant dari sajak tersebut apa

    ReplyDelete
    Replies
    1. Menurut pendapat saya, amanat dari sajak itu mengingatkan orang Sunda bahwa Tanah Sunda itu luas, ada Pulau Sunda Besar, Sunda Kecil hingga ke Nusa Tenggara. Namun seiring berjalannya waktu mulai dilupakan, sekarang ini Sunda hanya dikenal di satu daerah saja (Jawa Barat). Makanya orang-orang Sunda diajak untuk saling mengingatkan bahwa Tanah Sunda itu sebenarnya sangat luas.
      Makasih udah mampir ya ^_^

      Delete
    2. Bisa minta tolong diterjemahkan dalam bahasa indonesia

      Delete
  2. 100 bagi 27 berapa yaa

    ReplyDelete

Terima kasih telah berkunjung, silahkan tinggalkan komentarmu di sini ^_^