gambar

Saturday 9 May 2020

Dongeng Sunda Tikukur jeung Engang

- Ilmu Life -

Kepluk engang ragrag kana cai, awakna nangkarak. Atuh puguh wae teu bisaeun deui hiber. Gawena ngan roroesan, bari jangjangna kekeleperan, sangkan teu titeuleum. Tapi lila-lila mah eta engang teh ngarasa ripuh, komo deui sanggeus jangjangna beuki baseuh mah. Manehna geus ampir-ampiran ngerelep.
Sabot kitu, jol aya tikukur kalebah dinya. Waktu nenjo engang keur kekeleperan dina cai, tikukur gancang macok regang, terus disodorkeun ka lebah engang. "Sok tah, muntang kana regang", ceuk tikukur.
Engang rikat ngaranggeum regang, terus ngarayap, ngajauhan beungeut cai. Ku tikukur gancang dibawa ka darat, da bisi ragrag deui ka cai.
"Nuhun, Ki Silah", omong engang. "Kuring geus ditulungan ku anjeun. Cacak mun bieu teu gancang-gancang disodoran regang mah, meureun kuring teh geus tikerelep. Teuing kudu kumaha kuring males kahadean Ki Silah".
"Ah, kuring mah teu miharep balesan", walon tikukur. "Kapan ari silih tulungan teh kawajiban urang. Mun aya batur keur meunang kasusah, ku urang wajib ditulungan samampuhna".
"Enya, sakali deui kuring ngahaturkeun nuhun", omong engang. Geus kitu mah keleper deui we hiber.
Dina hiji poe, tikukur keur eunteup dina dahan bari ngelak disada, "Tikukur...guk... Tikukur... guk, guk".
Tikukur teu apaleun yen dihandapeun tangkal aya paninggaran keur ngintip. Bedil mimisna geus dikokang, ngan kari ngabekaskeun. Malah kucubung bedil teh geus dilelempeng kana dada tikukur.
Sabot kitu, engang anu kungsi ditulungan ku tikukur hiber ka lebah dinya. Barang nenjo tikukur keur diintip pati, teu antaparah deui engang ngawahan, terus nyeureud ka paninggaran anu keur ngadodoho tikukur. Peletak, tarang paninggaran teh diseureud. Kacida wae reuwaseunana, tepika bedilna ragrag. Tarangna karasa nyeri mani pohara. Kangaranan diseureud engang tea, keur panas jeung peurih teh, nyanyautan deuih, sarta bareuh saharita.
Barang ngadenge aya nu ngaguluprak, tikukur asa kagebah, terus hiber tina dahan. Breh katenjo aya paninggaran keur ngusap tarangna anu bareuh, bari di gigireunanaaya bedil ngagoler. Atuh teg wae tikukur nyangka yen dirina cikeneh tas didodoho rek dibedil. Tapi, ku naon bedilna ujug-ujug ragrag, bari tarang paninggaran teh buncunur?
Tikukur kakara nyahoeun naon anu jadi sababna sanggeus nempo engang keur hihiberan. Pasti eta paninggaran teh diseureud ku engang. Tuluy wae tikukur hiber nyampeurkeun engang.
"Nuhun, anjeun geus nulungan kuring", ceuk tikukur.
"Ih, apan urang teh wajib silih tulungan", tembal engang.

Dicutat tina: Pamekar Diajar Basa Sunda

No comments:

Post a Comment

Terima kasih telah berkunjung, silahkan tinggalkan komentarmu di sini ^_^