gambar

Saturday 9 May 2020

Pupuh Asmarandana Judulna Jasa Guru

- Ilmu Life -

Urang kahutangan budi,
salila urang sakola,
tadina taya kanyaho,
terus meunang pangajaran,
rupa-rupa piwulang,
jasa Ibu Bapa Guru,
anu salawasna heman.
Tugasna dina ngadidik,
sangkan palinter muridna,
dilakonan bari rido,
dibarung ku rasa nyaah,
henteu dibeda-beda,
kabeh dibere piwuruk,
conto hade pikeun urang.

Jadi kawajiban murid,
pikeun boga rasa hormat,
kade bisi urang poho,
ngagugu kana nasehat,
ngajauhan panyaram,
nu ditepikeun ku guru,
mun hayanghirup waluya.





1 comment:

Terima kasih telah berkunjung, silahkan tinggalkan komentarmu di sini ^_^