gambar

Saturday 9 May 2020

Kawih Sunda Judulna Tanah Sunda Karya Mang Koko

- Ilmu Life -

TANAH SUNDA
Karya: Mang Koko

Tanah Sunda gemah ripah
nu ngumbara suka betah
urang sunda sawawa
sing toweksa perceka
nyangga dharma anu nyata.
Seuweu pajajaran
muga tong kasmaran
sing tulaten jeung rumaksa
miara pakaya memang sawajibna
geten titen rumawat tanah pusaka.

Titen kana harta banda
mo kaduhung waktu jaga
anu lian moal bisa
ngatur ngolah jeung ngariksa.

Gembleng sauyunan
singkil babarengan
ngangkat darajat ki sunda
sunda kukuh kuat diraksa dirumat
pasti jembar wibawa Indonesia.

No comments:

Post a Comment

Terima kasih telah berkunjung, silahkan tinggalkan komentarmu di sini ^_^