gambar

Saturday 9 May 2020

Kawih Sunda Judulna Cinta Nusa

- Ilmu Life -

CINTA NUSA

Indonesia gemah ripah loh jinawi
Alam endah hejo ngemploh sugih mukti
Subur tutuwuhan
Beunghar pepelakan
Daun hejo ngemploh karaharjan lemah cai
Kakayon tumuwuh subur pajangkung-jangkung
Petetan ngawujud sirung pagulung-gulung
Piraku rek rela
Piraku rek tega
Alam nu ngemploh hejo pinarengan
ngarangrangan teu kariksa

Tutuwuhan nutup alas bandawasa
Tatangkalan nutup gunung ngambah reuma
Peryoga dijaga
Diraksa diriksa
Kakayon mangpaat sumber kahirupan bangsa
Mamala tanah ngeblak nungtun gimir ketir
Bahaya gunung urug padataran banjir
Rampak pada dokoh
Samakta sosoroh
Ngagarap tanah ngeblak dipelakan
Tatangkalan hejo ngemploh.

No comments:

Post a Comment

Terima kasih telah berkunjung, silahkan tinggalkan komentarmu di sini ^_^