gambar

Saturday 9 May 2020

Kawih Sunda Judulna Tanah Pasundan Sanggian Mang Koko

- Ilmu Life -

TANAH PASUNDAN
Sanggian : Mang Koko

Aduh waas tur kelar
Gunung parentul ngajajar
Aduh sawah ngaremplang
Parahiyangan kasawang
Beunghar kawentar Parahiyangan
Subur kamashur tanah Pasundan
Rahayat tihothat usaha teu kendat
Sangkan pinanggih karaharjaan
Aduh tanah Pasundan
Subur geusan pepelakan
Hayu urang leukeunan
Ngolah tanah sauyunan.

Aduh tanah pusaka
Pusaka Indonesia
Hayu sangkan raharja
Perlu diraksa diriksa
Tanah nu ngoblog di pakarangan
Perlu digarap keur tutuwuhan
Melak palawija diatur sempurna
Ngemploh paselang henteu kembangan
Aduh tanah Pasundan
Hejo ngemploh tutuwuhan
Aduh karaharjaan
Hasil karya babarengan.

No comments:

Post a Comment

Terima kasih telah berkunjung, silahkan tinggalkan komentarmu di sini ^_^